NADOM GUSTI URANG SAREREA
Gusti urang sarerea # kangjeng nabi anu mulya
Muhamad jenenganana #
arab qures nyabangsana
Ramana gusti abdulloh #
ibuna siti aminah
Dibabarkeuna di mekah # wengi senen taun gajah
Robi’ul awal bulana # tanggal ka dua belasna
April bulan masehina # tanggal ka dua puluhna
Ari bilangan
tauna # limaratus cariosna
Tjuh puluh panambahna #
sareng sahiji punjulna
Siti aminah
misaur # waktos
babarna kacatur
Ningal
cahya mani ngempur # dibumina hurung mancur
Babar taya kokotoran #
orok lir kenging nyepitan
Soca
lir kenging nyipatan # sarta harum seuseungitan
Medal nabi ahir zaman #
pirang pirang ka anehan
Sesembahan
bangsa setan # kabeh pada karuksakan
Nabi yuswa lima
bulan # tos yasa angkat angkatan
Yuswana salapan bulan #
tos capetang sasauran
Yuswana sapuluh bulan #
yasa ameng papanahan
Ngelehkeun budak nu
lian # tapi tara kumagungan
Parangina kangjeng
nabi # jatnika pinuh ku puji
Pinter tur gede
kawani # sabar nyaah ka sasami
Keur opat taun
yuswana # di beresihan manahna
Nabi di beulah dadana # malaikat nu meulahna
Jibril ka dua
rencangna # mikail jenenganana
Ngeusikeun kana
manahna # ilmu hikmat sapinuhna
Tuluy
dada kangjeng nabi #
gancang di rapetkeun deui
Sarta teu karaos
nyeri # di cap ku hotamin nabi
Harita nabi ayana # di lembur ibu inangna
Halimah
jenenganana # sa’diah ngaran lemburna
Rama nabi ka
caturkeun # pupusna kacarioskeun
Basa nabi di bobotkeun # dua sasih ka unggelkeun
Keur lima taun
yuswana # di tinggal pupus ibuna
Tuluy di rawat
eyangna # abdul mutholib asmana
Kersana robul
‘alamin # kangjeng nabi nu prihatin
Yuswa dlapan taun
yakin # eyangna mulih ka batin
Saba’da wapat eyangna
# nabi di rawat uana
Abi tholib
kakasihna # saderek teges ramana
Kangjeng nabi sering
pisan # diandak ka nagara sam
Sok
nyandak barang dagangan # didinya teh
pajeng pisan
Kacatur di eta
nagri # loba pandita yahudi
Sarta pandita
nasroni # nu tepang jeung kanjeng
nabi
Sadayana sasauran # iyeu jalma mo nyalahan
Pinabieun ahir
zaman #
toret injil geus ngiberan
Sifat nabi
panganggeusan # aya di anjeuna pisan
Harita
loba nu iman # ka nabi ngangken panutan
Lami lami kangjeng
nabi # di sambat ku hiji istri
Dagang ka unggal
nagari # ka untungana di bagi
Istri jenengan
hodijah # putra huwaelid ka telah
Nu pang beungharna
dimekah #ka nabi kalangkung nyaah
Siti hodijah
masrahan # kanabi barang dagangan
Mesaroh nu
ngarencangan # ka nabi purah nyarengan
Kacarios maesroh
teh # loba pamendakna aneh
Ciciren
nabi nu soleh # matak ngaheran keun kabeh
Tatangkalan
uluksalam # megabodas sokmayungan
Jeung aya cap
kanabian # dina
salirana pisan
Pamendak siti
hodijah # cocok pisan jeung maesroh
Ahirna siti
hodijah # ka nabi mundut di tikah
Harita yuswana
nabi # salawe taun kawarti
Ngadak ngadak sugih
mukti # tapi tambah sae ati
Karesepna kangjeng
nabi # ka gusti alloh ngabakti
Di gunung hiro
maranti #
‘ibadahna saban wengi
Didinya jol
kasumpingan # jibril nunurunkeun qur’an
Kalawan dawuh
pangeran # nabi di damel utusan
Harita yuswana
nabi #
pat puluh taun kawarti
Di utus ku alloh
pasti # ngembarkeun agama suci
Anu iman pang
heulana # siti hodijah garwana
Abu bakar kaduana # sohabat nu pang mulyana
Murangkalih nu
nonoman # anu
pangheulana iman
Sayidina ‘ali
pisan # ka nabi saderek misan
Jeung ari jalma
beulian # anu pang heulana iman
Sidna bilal
kaleresan # anu jadi tukang adzan
Ari lolobana pisan #
ka nabi teh ngamusuhan
Nganiaya ngajailan #
teu aya pisan ras rasan
Pra sohabat kubgsi
ngalih # ka nagri habsy nu tebih
Didinya anjeuna linggih
#
kira kenging tilu sasih
Samulih sohbat ti
habsy #
kacarios kangjeng nabi
Kenging pohara cocobi
# kersana nu maha suci
Uwana sareng garwana
# pada pupus duanana
Harita nabi yuswana #
ka lima puluh tauna
Geus pupus siti
hodijah #
nikah ka siti saodah
Sareng ka siti ‘aisyah
# umil mu minin ka telah
Tidinya kersa pangeran
# maparinan kamulyaan
Ka nabi nu ahir zaman
# kakasih nu sifat rohman
Nuju tanggal tujuh
likur #
bulan rajab nu kacatur
Nurut kaol anu masyhur
# kangjeng nabi the di saur
Di papag ku mala ikat #
nyandak burok nu kasebat
Leumpangna
teh cara kilat # tungganganeun nabi angkat
Ti mekah ka baitul
makdis #
teu ngangge lami antawis
Ku jalmi henteu ka
tawis #
kersana gusti nu wacis
Ti baetal makdis
terasna # naekna tangga kancana
Mi’roj tea
kasebatna # ka langit nabi sumpingna
Tujuh langit
sadayana # jeng ‘aras nu pangluhurna
Di sumpingan
sadayana # katut surga narakana
Kangjeng nabi di
timbalan # ku gusti nu sifat rohman
Anjeuna kudu
netepan # solat muji ka pangeran
Kabeh jalma anu
iman # sami pada kawajiban
Solat
nu lima giliran # henteu meunang di kurangan
Solat eta
minangkana # dina agama tihangna
Jalma nu luput
solatna # nyata rubuh agamana
Kacarios dina
zaman # mi’rojna nabi panutan
Yuswana the
kaleresan # lima puluh dua jalan
Kafir mekah
kacaturkeun #barang nabi nyarioskeun
Mi’roj lain di mulyakeun
#anggur pada nyeungseurikeun
Pada hasud
ngakalakeun # tidinya alloh ngersakeun
Kangjeng nabi di
alihkeun # ka madinah di sirnakeun
Persohabat pirang
pirang # nu bumela milu iang
Milu ngalih sewang
sewang # henteu piisan sumoreang
Tambah ka mulyaan
nabi # di
madinah asal sepi
Jadi rame kunu
ngaji # muji kanu maha suci
Sapuluh taun
lamina # di madinah jumenengna
Agama islam
cahyana # gumebyar ka mana mana
Nagri mekah di
perangan # ahirna kaboyong pisa
Nabi tambah ka
mulyaan # yakin lain jijieunan
Ari yuswa kangjeng
nabi # genep puluh tilu pasti
Makomna di jero
nagri # madinah nagara suci
Puputrana kangjeng nabi #
aya opat anu istri
Siti zenab nu ka
hiji # rukoyah nu hiji deui
Umi kulsum ka
tiluna #
siti fatimah bungsuna
Ari putra nu
cikalna # sidna kosim kakasihna
Sidna ‘abdulloh
raina #
ibrohim nu katiluna
Eta nu genep
putrana # siti hodijah ibuna
Sidna ibrohim
ibuna # mariah jenenganana
Istri ti mesir
asalna # tah kitu turunanana
Putra nu pameget
kabrh #
pupus keur aralit keneh
Nu istri carogena
teh # para sohabat nu soleh
Siti zenab
carogena # abul ‘as jenenganana
Siti rukyah
carogena #
sidna utsma mimitina
Geus siti rukoyah
hilang # anjeuna turun ka ranjang
Umi kultsum putri
lanjang # di tikah gentos nu hilang
Caroge siti
fatimah # sidna ‘ali nu ka telah
Bakaromallohu
wajhah #anu ka masyhurkeun gagah
Ari putu kangjeng
nabi # dalapan pameget istri
Siti umamah jeung
‘ali # ti siti zenab kawarti
Ari sidna ‘abdulloh
mah # putu ti siti rukoyah
Putu ti siti
patimah # aya lima kabehna mah
Tilu anu
pamegetna #
sidna hasan kakasihna
Sidna husen ka
duana # sidna muhsin ka tiluna
Umi kultsum nu
istrina # ka sidna umar nikahna
Sitna zenab ka
duana #nurut unggeling
wartosna
Urang kudu cinta
ati # ka
turnan kangjeng nabi
Poma ulah goreng
ati # sumawona hiri dengki
Ari mungguh kangjeng
nabi #nyaahna langkung ti misti
Ka umatna jaler
istri # leuwih ti sepuh pribadi
Welas asih kanu
miskin # sumawon ka budak yatim
Pada seubeuh ku
paparin # kadaharan jeung pisalin
Akuan ka urang
kampung # calik satata ngariung
Tara angkuh jeung
adigung # sanajan ka urang gunung
Kanu nyandang
kasusahan gering jeung ka
papatenan
Ngalayad serta
ngubaran # ngajajapkeun ka kuburan
Manis saur manis
budi # estu mustikanig jalmi
Sajagat mo mendak
deui # sae rupi jeung parangi
Raray lir bulan
purnama # halisna lir katumbiri
Waos lir inten biduri # salira harum wawangi
Estu kersaning
pangeran # lain seungit di minyakan
Karinget pada
nandean # diparake seuseungitan
Sakitu nabi
mulyana # taya pisan adigungna
Angkat pungkurn
sohabatna #kalangkung handap asorna
Anggoan
kersa lumayan #najan nu geus di
tambalan
Kitu deui ka
tuangan # banget pisan di kurangan
Betah dina
kamiskinan #
lain sabab teu kagungan
Ngahaja bae
ngirangan # ngarah ka ridoan tuhan
Pirang pirang
mu’zizatna # tawis ka nabianana
Qur’an nu nomer
hijina # mu’zizat nu pang mulyana
Tangkal nu perang
dauna # di siram tilas abdasna
Ngadadak loba
buahna # sarta hirup satuluyna
Domba nu banget
kuruna # sartana lepet susuna
Di usap ku
panangana # ngadadak juuh susuna
Dina hiji waktos
deui # sohbat kakirangan cai
Teras bae kangjeng
nabi # mundut cai anu kari
Cai ngan saketel pisan # taya deui anu lian
Nabi neuleumkeun
panangan #dumadak tuluy manceran
Cai mancer loba
pisan # kaluar tina panangan
Sela sela ramo
pisan # cukup ku jalma rebuan
Kacatur hiji
badewi # ngadoja ka kangjeng nabi
Nitah nyaur tangkal
kai # sina ngomong cara jalmi
Tuluy tangkalteh di
saur # harita ku kangjeng rosul
Tangkal datang
ngagulusur # akarna the di gugusur
Ngadeuheus kakangjeng
nabi # uluk salam cara jalmi
Sanggeus kitu balik
deui # ka tempat asalna tadi
Badwi the ngan kantun
heran # ningal eta kaanehan
Tuluy bae asup
islam # ka nabi ngangken panutan
Saliana loba deui # mu’zizatna kangjeng nabi
Mun di wincik hiji
hiji # keur nulisna moal mahi
He alloh nu sifat
rohman # abdi sadayana iman
Teu aya deui
pangeran # lian ti anjeuna pisan
Nungadamel bumi
alam # rawuh sa eusina pisan
Nu wajib di ibadahan # teu aya anu nyamian
Sareng abdi iman
deui # ka sidna muhamad nabi
Yen eta utusan
gusti #
miwulang sadaya jalmi
Nusifat ka
percayaan #
bijaksana tur budiman
Bener unggal sasauran # najan saur ka heureuyan
Ngembarkeun kangjeng
nabi teh # ka jalmi sadunya kabeh
Dawuh pangeran nu
soheh # nu waib di turutna the
Hurmat urang ka
anjeuna # dina mangsa jumenengna
Areng saba’da
wafatna # eta teu aya bedana
Duh gusti jungjunan
abdi # sidna muhammad habibi
Pamugi salira
nampi #
kanu hina diri abdi
Abdi umat ahir
zaman # anu banget panasaran
Hoyong tepang
ngadeuheusan #seja tumut serah badan
Di yaumil ahir pamugi # abdi sing janten ngahiji
Sareng indung bapa
abdi # ngiring gusti kasawargi
T a m a t w a l l o h u ‘a l a m
Komentar
Posting Komentar