naskah gondang desa cantilan
Gondang
Dina iuh-iuh tanjung (istri)
Dina kalangkang katapang
Mojang nu ngumpul ngariung
Nyangking halu rek ngagondang
Henteu eureun sukan sukan
Dipirig kacapi suling
Kentrung lisung nu ngagondang
Sada ketruk sada kendang
Harus sumawar kamanggung
Hawar hawar kabeh
anggang
Toloktok brang 2X
Toloktok heor kolontrang
Yubatur urang ka lisung
Urang makayakeun indung
Nutu bari ngahariring
Kawihna kawih ladang 2X
|

Aduh seyang seyang duh seyang
Wan, ti, tri, for (pameget)
(one, two, three, four)
Durirang, duraring hahariringan 2X
Ngahariring padayungan, gandang ngalengkahna
Ginding ngagedigna jiga menak pajajaran
Alang padang lenglang taya aling-aling
Hawar-hawar sora lisung tutunggulan
Boa-boa para mojang keur ngagondang
Cang cacapkeun mengpeung aya kasempetan
Urang intip mojang lenjang
Nugarinding keur ngagondang
Dengkleung dengdek 3X (BARENG)
Buah kopi 2X raranggeuyan
Tah nu eta nu pendek bagean dewek
Nu jangkung mah eta mah bagean uing
Nu tengah mah eta mah …
Pangsisina eta mah …..
Uing mah kejeun sesana (Bp.
Meli)
Nu centik bulu socana
Hey solali 4X wauwa uwaeng
Dinda kan kucinta kan kubawa (tidak)
Kan kusunting sekuntum bunga (jangan)
Mari dinda (tidak)
Oh mari rembulan (jangan)
Mari… mari.. (tidak)
Mari kita pulang
(jangan)
Hey solali 4X wauwa uwaeng
Kauingmah asana mustahil benci deuh (BP Meli)
Dapat haransi tak beristri
Tak percaya rayuan pemuda (istri)
Pemuda jaman sekarang bicara
Sembarang gampang
Ngaku masih jejaka
Padahal cucunya sudah li…
Deuh bukan cucu
Itumah anaknya anak
Abang sumpah berani mati
Belum kawin dua kali
Hey solali 4X wa uwaeng
Yubatur urang mulang sauyunan (Bareng) 2x
Ayeuna urang teh geus beubeunangan
Leuleui leui leuleu leuleuyan 2X
Ieu abdi gondang PKK ti Dusun belah 2X
Yubatur urang mulang sauyunan
Ayeuna urang teh geus beubeunangan
Komentar
Posting Komentar