CIRI JALMA BAKAL BAGJA (nadoman)
Hadist Nabi :
Ciri Jalma Bakal Bagja
Dawuh Nabi anu mulya
Sabelas henteu sulaya
Lenyepaneun Sadayana
Hiji teu nyantel
hatena
Kana dunya jeung
barana
Balikanan
sabalikna
Cumantel ka
akherat
Kadua resep ibadah
Ngabakti ka gusti Allah
Jeung resep maca Al-Quran
Beurang peuting getol pisan
Tilu teu loba
carita
Salianti
Saperluna
Sumawon kana
ngupatna
Bohong Reujeung
sabangsana
Kaopat estu satuhu
Kana sholat lima waktu
Apik ti mimiti wudhu
Niat ngalakonan fardu
Kalimana apik
pisan
Dahar tara
kasasaban
Barang anu
diharamkeun
Subhat oge tara
leukeun
Kagenepna sosobatan
Jeung jalma nu alus pisan
Tingkah reujeung kalakuan
Aya dina kasolehan
Katujuhna handap asor
Tawadhu henteu takabur
Sopan ka papada batur
Henteu daek kumuluhur
Kadalapan
bangeuran
Ka pakir miskin
berehan
Resep mere
kadaharan
Balaba tara
owelan
Kasalapana nyaahan
Kasakabeh makhluk pangeran
Sumawon ka bangsa insane
Sanajan Ka sasatoan
Ari anu
sapuluhna
Di manfaatkeun
dirina
Ka sakabeh
jalma-jalma
Barutuheun ku
manehna
Ari ani ka sabelasna
Hate teu aya pegatna
Beurang peting emut kana
Maot nu bakal datangna
Tah sakitu
sadayana
Ari ciri
jalma-jalma
Anu bakal
meunang bagja
Baris asup ka sawarga
Komentar
Posting Komentar